Sono Hidep Jalu Anaking - 2

 



Di lemah lebakeun Gunung Manglayang, dina iuh linduh tangkal-tangkal, kungsi aya katingtriman ati anaking. Beurangna éstu tiis tingrim dipépéndé hiliwir angin gunung, dipirig sora tikukur nitir. Peutingna nu tiris disimbutan halimun gunung nu kumalayang nyimbutan lemah pangancikan.

Dilebak suku gunung Manglayang di maasjid Dhiyaul Quran, beurang peutingna  teu weléh dieusi ku barudak santri diajar ngaji, nyiar élmu keur bekel dunya anaking. Mindeng ogé anaking datang tinu deukeut, tinu anggang para Jamaah Tablig, nu milu ngeusi, ngamakmurkeun masjid ku sholat berjamaah, tausyiah nu ningtrimkeun pikir.

Ngancik niat & harepan dina haté anaking, jaga hidep lamun brol ka alam dunya, beurangna, peutingna rék diajak ka masjid, ngarah hidep wawuh, deukeut barudak santri, deukeut para ajengan, ahli agama, keur bekel hirup jaga hidep anaking, ngarah salamet dunya akhérat.

Leres saur Almarhum Abah HajiTatang anaking, hirup didunya mah ukur ngumbara, sakabéhna ukur titipan, manusa ukur boga kahayang, boga cita-cita, sagala Alloh Subhana wa Ta'ala nu nangtukeun. Leres saur abah Haji Tatang, ukur bakal pisah saurna. Lir dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, meunang béja Abah Haji Tatang ngantunkeun, Mulih ka Jati, Mulang ka Asal dipundut nu gaduhNA. Innalillahi Wa Inna Ilaihi Rojiun, doa-doa  teu wéléh kapihatur kanggo Abah Haji Tatang, mugia sagala kasaéanana, mugia sagala amal ibadahna ditampi, kenging anu saé, mulya di alam akhératna.

Leres ogé saur Abah Haji Tatang, brol hidep ka alam dunya anaking, gening gurat kedah pegat, urang kudu pisah, alatan rohakana lambak kahirupan,  lambak kahirupan nu limpas kanu teu tuah teu dosa. Bapa kudu jauh, pisah jeung hidep  anaking jimat awaking, dina mangsa hidep keur meujeuhna kembang buruan.

Peurih haté nu jadi bapa anaking, peurih nu ninggalkeun tapak raheut dina haté. Leres saur Abah Haji Tatang almarhum anaking, urang mah teu ngaku-ngaku, teu ngaboga-boga sagala rupana, éstuning kersaning, kagungan Alloh Subhana wa Ta'ala sadayana. Alloh Maha Uninga anaking, leberna kanyaah bapa ka hidep anaking, najan anggang kanyaah, kasono tetep manteng satungtung hirup anaking.

Lamun seug kasono diibaratkeun hinis, unggal wanci unggal mangsa seukeutna nurihan jasad & haté.  Sérésétna parat kana ati, peurihna tepi kana mamaras rasa. Lamun seug hirup bisa milih, milih hayang deukeut,  ngarah unggal usik, namplokeun limpasna kasono & kanyaah nu ngancik dina haté.

Anaking jimat anaking, urang hirup dina lemah, dina langit anu sarua, ukur jarak anu ngahalangan,  jalan hirup anu misahkeun urang. Dina rénghap nafas, dina ngamalirna getih, rasa kanyaah moal weléh ngocor, rasa kasono nyaliara saban wanci saban mangsa.  Hirup ngalakonan kadar Nu Maha Kawasa anaking, 

usik malik, hirup katut hurip, sadayana kersaning Alloh Subhanahu Wa Ta'ala. Dibalik sagala dodoja,  cocoba reujeung ujian hirup nu katampi, AnjeunNA, nyimpen hikmah & rusiahNA. Jangji manusa teu leupas tina sulaya, Jangji Alloh pasti anaking.

Sing cageur bageur lahir batin hidep anaking, ngarah hirup salawasna Genah nyawa betah jasad,  berkah, salamet dunya akhérat nu jadi harepan. Keclakna cimata kasono, galindeng du'a-du'a nu teu weléh ngamalir saban mangsa, tilam kasono ka hidep jalu anaking. Kanyaah, kasono nu jadi bapa, p arat nembus langit teu kahalang waktu jeung jarak anaking. Sing éling satungtung nyaring anaking, ngarah hirup salawasna aya dina pangaping, pangjaringNA. Hirup saukur ngumbara, jasad katut nyawa teu ngaboga-boga, teu ngaku-ngaku,  sadaya kagungan Gusti Robul Ijati.

Bandung, Lebak padumukan Suku Gunung Manglayang akhir taun 2020.

https://youtu.be/3WR1W_VpYQo


Comments

Popular posts from this blog

Sono Hidep Jalu Anaking - 1

RUMUS VONIS HAKIM KONOHA