DARMA WAWAYANGAN



U: "Abah...abah naon ari jurig timah téh? ciga kumaha bah?
AB: "Ngadéngé, apal timana ari ujang?
U: "Éta gening bah dina tipi, apan ujang sok milu lalajo tipi di imah Mang Ohim. Dina berita sok kakuping aya Jurig Timah, Jurig BLBI dina tipi"
AB: "Ulah sok sadéngé-déngéna lamun lain déngéeunana jang. Jurig timah téh jalma, jalma nu beuki ngadahar duit timah nepika ratusan trilyun.
U: "Naha abah emam timah sanés sangu gening?"
AB: "Urang mah dahar cukup ku sangu poé, beuleum asin jeung coél seupan daun sampeu gé seubeuh, jurig mah moal aya kaseubeuhan sagala didahar, sagala bres ujang".
U: "Seueur abah ari jurig dinagara urang téh?"
AB: "Moal kaitung jang jeung moal béak-béak, sabab ditéwak, dikerem gé moal kapok, sabab hukumanna hampang da jurigna loa duit, dibui gé bisa kawas raja. Matak beurit dinagara urang mah ditéwak hiji, baladna bijil deui. Jeung beuritna gé moal kapok, ditéwak, dikerem gé, geus leupas loba kénéh sésa beurit ngagalaksakna".
U: "Sieunnya bah...."
AB: "Tos tong ngomongkeun beurit, tanya sinini, geus asak can kulub sampeu téh jang kituh".
U: "Muhun abah. Abah naha abah mah emam téh sok kulub sampeu, urab jagong waé"
AB: "Kudu bisa narimakeun kaayaan sujang, Alhamdulillah aya kénéh milikna bisa dahar. Hayang mah abah unggal poé dahar sangu, apan urang mah jalma ripuh jang, jalma koréh-koréh cok. Nu penting beuteung kaeusian, manggih dahar gé, kudu syukur Alhamdulillah ngarah teu jadi jalma Kufur".
U: "Muhun abah.
Si ujang ngaléos ka saung, teu lila datang deui mawa kulub sampeu, datang bari hahariringan nyanyi, ngalagu:
"Orang bilang tanah kita tanah surga
Tongkat kayu dan batu jadi tanaman
Orang bilang tanah kita tanah surga
Tongkat kayu dan batu jadi tanaman.
Gék si ujang diuk gigireun abahna, bari ngasongkeun piring séng eusi kulub sampeu.
AB: "Apal ujang éta lagu saha, lagu naon?
U: "Heunteu abah, éta wé ujang mah sok nguping si Aa Udung mun nyanyi, gigitaran dipos ronda sok nyanyi lagu éta".
AB: "Bener éta lagu téh jang, nagara urang mah subur makmur, beunghar ku kekayaan alamna. Baheula bangsa Portugis, Walanda, Jepang, parebut hayang ngajajah, geus ngajajah sagala dikerid, sagala diringkid, diakut tinagara urang ka nagarana".
U: "Baréto abah?
AB: "Enya jaman baheula, nagara urang dijajah sabab kabita ku beungharna nagara urang."
U: Ari penjajah ayeuna aya kénéh bah?"
AB: "Balatak ujang, penjajah ayeuna timimiti bangsa sorangan, bangsa batur. Bangsa sorangan anu makmak-mekmek, kadedemes ngagalaksak sagala rupa, bangsa deungeun nu ngajajah ékonomi,
téknologi, aplikasi nepika budaya."
Si ujang teuing ngartieun teuing heunteu ukur unggut-unggutan.
U: "Bah..bah, kamari ujang lalajo tipi, nempo berita budak sakola dipapua, sakolana gé nyékér, kalunya abah, bajuna gé kuat ka kuleuheu, kotor abah".
AB: "Jang incu abah, Papua téh tanah beunghar, ngandung emas, tembaga, nikel jeung réa deui. Cicing ditanah Papua lir ibarat saré, leumpang dina taneuh emas."
U: "Tapi naha abah barudak sakolana meni nyékér, bajuna butut, kuleuheu kitu?"
AB: " Papua tanah emas, wargana, rahayatna sangsara balangsak, sabab tanah Papua dikontrakeun ku pajabat beurit, pajabat loba duit loba harta, bangsa séjén nu ngontak tanah Papua beuki subur, beuki beunghar. Rahayat Papua, imahna gé lolobana ukur Honai, imah tina eurih, jukut jeung kai. Tanah Papua tanah emas, beunghar, subur pejabatna, bangsa séjén nu ngontrakna, rahayat Papua mah kitu téa, kawas nu katingali ku ujang dina tipi".
U: "Bah ujang mah isuk moal sakola"
AB: "Éh naha sujang kedul?"
U: "Isin abah, ujang can meuli buku pelajaran, jaba can mayar iuran spp, ujang dipanggil waé ku guru".
AB: "Sakolanya isuk kasép incu abah, keun abah beurang rék ngajual heula domba keur mayar ka sakola ujang".
U: "Muhun abah"
AB: "Kamari basa abah ngajual paré, ujang dibéré jajan ku abah, aya kénéh sésa teu?"
U: "Séép abah, ku ujang dianggé mésér buku, sésana dipasihkeun ka Ema si Udin. Kalunya abah, ema si udin teu gaduheun acis kanggo mésér béas".
AB: Si Abah ngarakacak haté, teu karasa cimatana nyalangkrung dina juru panonnna.
U: "Abah..abah naha abah nangis?" ceuk si Ujang ningali, bari ngalendotan akina.
AB: Abah bungah ujang kasep, bungah boga ujang incu abah nu beunghar haté, mikanyaah ka sasama. Keun baé jaga ujang lamun milikna teu beunghar, harta, nu penting ujang kudu beunghar haté.
Jalma nu beunghar haté nyaahan, daék nulung kanu butuh, nalang kanu susah, nyaangan kanu poékeun. Sing emut, catet dina haté hidep kasep incu abah, Jungjunan urang, jungjunan Umat Muslim,
Kanjeng Nabi Muhammad Sallallahu Alayhi Wasalam ngadawuh:
"Al islamu man sallama bilisannihi wayyaddihi, sasama umat islam teh kudu silih salametkeun ku leungeuna jeung ku lisanna.
U: "Inysa Allah abah, ku ujang pasti diemut cariosan abah. Abah ujang badé uih heula badé ibak, kedap deui badé ngaosnya".
Wanci tunggang gunung geus salin jinis ka wanci Sariak layung, Si abah mulang nuturkeun incuna.

Comments

Popular posts from this blog

Sono Hidep Jalu Anaking - 1

RUMUS VONIS HAKIM KONOHA

Sono Hidep Jalu Anaking - 2