Sono Hidep Jalu Anaking - 1
Lamun seug kasono diibaratkeun hinis, unggal wanci unggal mangsa seukeutna nurihan jasad & haté. Sérésétna parat kana ati, peurihna tepi kana mamaras rasa. Lamun seug hirup bisa milih, milih hayang deukeut, ngarah deudeuh,geugeut unggal usik, namplokeun limpasna kasono & kanyaah nu ngancik dina haté. Anaking jimat anaking, urang hirup dina lemah, dina langit anu sarua, ukur jarak anu ngahalangan, jalan hirup anu misahkeun urang. Dina rénghap nafas, dina ngamalirna getih, rasa kanyaah moal weléh ngocor, rasa kasono nyaliara saban wanci saban mangsa. Hirup ngalakonan kadar Nu Maha Kawasa anaking, usik malik, hirup katut hurip, sadayana kersaning Alloh Subhanahu Wa Ta'ala. Dibalik sagala dodoja, cocoba reujeung ujian hirup nu katampi, AnjeunNA, nyimpen hikmah & rusiahNA. Jangji manusa teu leupas tina sulaya, Jangji Alloh pasti anaking. Sing cageur bageur lahir batin hidep anaking, ngarah hirup salawasna Genah nyawa betah jasad, berkah, salamet dun...
Comments
Post a Comment