Posts

Image
  THE ROOTS -  History and Glories of the Sundaland Pun, sapun kula jurungkeun Mukakeun turub mandepun Nyampeur nu dihandeuleumkeun Teundeun poho nu baréto Nu mangkuk di saung butut Ukireun dina lalangit Tataheun di jero iga! https://id.pinterest.com/pin/930204498033232498 https://youtu.be/kprecDnmjBA   #buyutmanglayang #sundaland #siliwangi #pakuan #galuh
Image
  DARMA WAWAYANGAN U: "Abah...abah naon ari jurig timah téh? ciga kumaha bah? AB: "Ngadéngé, apal timana ari ujang? U: "Éta gening bah dina tipi, apan ujang sok milu lalajo tipi di imah Mang Ohim. Dina berita sok kakuping aya Jurig Timah, Jurig BLBI dina tipi" AB: "Ulah sok sadéngé-déngéna lamun lain déngéeunana jang. Jurig timah téh jalma, jalma nu beuki ngadahar duit timah nepika ratusan trilyun. U: "Naha abah emam timah sanés sangu gening?" AB: "Urang mah dahar cukup ku sangu poé, beuleum asin jeung coél seupan daun sampeu gé seubeuh, jurig mah moal aya kaseubeuhan sagala didahar, sagala bres ujang". U: "Seueur abah ari jurig dinagara urang téh?" AB: "Moal kaitung jang jeung moal béak-béak, sabab ditéwak, dikerem gé moal kapok, sabab hukumanna hampang da jurigna loa duit, dibui gé bisa kawas raja. Matak beurit dinagara urang mah ditéwak hiji, baladna bijil deui. Jeung beuritna gé moal kapok, ditéwak, dikerem gé, geus leupa...

Siliwangi Blood -Sunda Local Hero - https://id.pinterest.com/pin/930204498032823660/

Image
 

Sono Hidep Jalu Anaking - 2

Image
  Di lemah lebakeun Gunung Manglayang, dina iuh linduh tangkal-tangkal,  kungsi aya katingtriman ati anaking. Beurangna éstu tiis tingrim dipépéndé  hiliwir angin gunung, dipirig sora tikukur nitir. Peutingna nu tiris disimbutan  halimun gunung nu kumalayang nyimbutan lemah pangancikan. Dilebak suku gunung Manglayang di maasjid Dhiyaul Quran, beurang peutingna   teu weléh dieusi ku barudak santri diajar ngaji, nyiar élmu keur bekel dunya anaking.  Mindeng ogé anaking datang tinu deukeut, tinu anggang para Jamaah Tablig, nu milu  ngeusi, ngamakmurkeun masjid ku sholat berjamaah, tausyiah nu ningtrimkeun pikir. Ngancik niat & harepan dina haté anaking, jaga hidep lamun brol ka alam dunya,  beurangna, peutingna rék diajak ka masjid, ngarah hidep wawuh, deukeut barudak santri,  deukeut para ajengan, ahli agama, keur bekel hirup jaga hidep anaking, ngarah salamet  dunya akhérat. Leres saur Almarhum Abah HajiTatang anaking, hirup didu...

Sono Hidep Jalu Anaking - 1

Image
  Lamun seug kasono diibaratkeun hinis, unggal wanci unggal mangsa seukeutna nurihan jasad & haté. Sérésétna parat kana ati, peurihna tepi kana mamaras rasa.  Lamun seug hirup bisa milih, milih hayang deukeut, ngarah deudeuh,geugeut unggal usik, namplokeun limpasna kasono & kanyaah nu ngancik dina haté. Anaking jimat anaking, urang hirup dina lemah, dina langit anu sarua, ukur jarak anu ngahalangan, jalan hirup anu misahkeun urang. Dina rénghap nafas, dina ngamalirna getih, rasa kanyaah moal weléh ngocor, rasa kasono nyaliara saban wanci saban mangsa.   Hirup ngalakonan kadar Nu Maha Kawasa anaking, usik malik, hirup katut hurip, sadayana kersaning Alloh  Subhanahu Wa Ta'ala. Dibalik sagala dodoja, cocoba reujeung ujian hirup nu katampi, AnjeunNA, nyimpen hikmah & rusiahNA. Jangji manusa teu leupas tina sulaya, Jangji Alloh pasti anaking. Sing cageur bageur lahir batin hidep anaking, ngarah hirup salawasna Genah nyawa betah jasad, berkah, salamet dun...

RUMUS VONIS HAKIM KONOHA

Image
RUMUS VONIS  HAKIM KONOHA Albert Einstein almarhum, diakui oleh dunia sebagai Ilmuwan Terhebat sepanjang masa, Ahli Matematika, Ahli Fisika, yang terkenal dengan Teori Relativitasnya, dengan Rumus kesetaraan massa-energi E = mc2. Karya & teori-teorinya mempengaruhi, berkontribusi besar terhadap dunia hingga saat ini. Sehebat-hebatnya ilmu seorang Einstein, tak akan bisa menandingi Ilmu & Rumus Vonis Hukum Hakim Negara Konoha. Ilmu & Teori Matematika Hakim Negara Konoha , RrrRuuUuAaarRrr BiaaAssSSaaa!!! Andaikata, misalna ieu mah, Albert Einstein hirup deui, titah ngadu élmu, ngadu rumus lawan Hakim Negara Konoha, kajeun Einstein mikir nepika botak, murudul buuk nepika béak, kajeun nepika elél-élélan, kajeun nepika molotot burial buncelik, moal meunang ngalawan Rumus Hukum Hakim Nagara Konoha. kehebatan Rumus Hukum Vonis Hakim Nagara Konoha Édaan Pissaaan! #noviralnojustice #NoViralNoJustice