Di lemah lebakeun Gunung Manglayang, dina iuh linduh tangkal-tangkal, kungsi aya katingtriman ati anaking. Beurangna éstu tiis tingrim dipépéndé hiliwir angin gunung, dipirig sora tikukur nitir. Peutingna nu tiris disimbutan halimun gunung nu kumalayang nyimbutan lemah pangancikan. Dilebak suku gunung Manglayang di maasjid Dhiyaul Quran, beurang peutingna teu weléh dieusi ku barudak santri diajar ngaji, nyiar élmu keur bekel dunya anaking. Mindeng ogé anaking datang tinu deukeut, tinu anggang para Jamaah Tablig, nu milu ngeusi, ngamakmurkeun masjid ku sholat berjamaah, tausyiah nu ningtrimkeun pikir. Ngancik niat & harepan dina haté anaking, jaga hidep lamun brol ka alam dunya, beurangna, peutingna rék diajak ka masjid, ngarah hidep wawuh, deukeut barudak santri, deukeut para ajengan, ahli agama, keur bekel hirup jaga hidep anaking, ngarah salamet dunya akhérat. Leres saur Almarhum Abah HajiTatang anaking, hirup didu...